Naskah Gupay Tineung
Narasi :
Bismillahirrohmanirrohim
................
Gupay kembang winaya kelas 6 SD
Negeri 2 Rancah taun pangajaran 2014/2015 seja dikawitan ...... ( goong )
1.
Gending lagu bubuka ( overture ) ..
break guruh
Narasi :
kebat lampah cinarita !!!! pajar sidik tebet
wetan ..... balebat carangcang tihang.... hayam jago kongkorongok nguniangkeun
kerek nu urang ..... rek mitembeyan langkah anyar poe anu moal karandapan deui
di ieu sakola SDN 2 Rancah nu matak betah !!!! ( rampak )
2.
Gending laguy umbul-umbul ( guruh )
Narasi :
satuluyna
!!! kawih asih ngawiati. Kembang ligar rampak mangkak... mapaesan hate
sewang-sewangan .... wawangina mepende hate ... arumna pamageuh rasa ...
nyambuangna ngabaruang.
Panceg
dina tanggal 15 juni taun 2015 .... seuweu siwi kelas 6 SD Negeri 2 Rancah geus
tutug panteg nyuprih elmuna. Kasuka jeung kabungah mangsa 6 taun katukang
narembongan deui !!!
3.
Gending lagu tari mamayang ..... ( guruh
)
Narasi :
sabada mantengkeun rasa kanu maha heman ...
sumujud kanu maha agung .... SD Negeri 2 Rancah nu urang, tembong deui
dangiangna ... teuteup sieup ka hareupnguriling nyirep seuweu- siwina. Girang
pangatik sumang ngadidik... pupuhu nu mulur nanjung nambah komara jeung ajen
wibawana !!!!
4.
Gending lagu tari lengser .... ( guruh )
Bewara lengser !!!
Ke..ke...ke...ke...
!!!! aya naon ieu teh luuurrrr ...???? geuning mani rame kieu ? oh... heueuh
(3x) apanan ua teh rek jajap nonoman kelas 6 anu geus lulus tolabul ilmi ....
ti SD Negeri 2 Rancah .... deuleu !!! sampurasun nun ... !!! haturan ka Ibu
Rama sepuh murid .... nu ngestokeun sumping ka sakola !! nanging hapunten tina
panampian anu sakieu buktosna. Hatur uninga nun ...!!! dinten ieu teh nuju
samen. Poe suka bungah seuweu-siwi ua sakabeh deuleu ...!!!! uninga samen
??..... syukur ari arapal mah .... sataun sakali ua teh nganteur incu deuleu
!!! ha.....ha....ha.....
Tembang pupuh :
Anu
lulus ..... bagja bungah ati
Kade
ulah poho
Heug
tuluykeun jung kamana bae
6
taun bet asa kamari
Beureum
bodas nyari
Raksukan
sampulur .......
Narasi :
Sora
gumuruh ti waktu ka waktu ...... salawasna marengan usik .....marengan rengkak
.... marengan sumanget nu ngagegedur .... marengan kateuneung jeung ka ludeung.
Montong ringrang !!! montong hariwang !!!! montong galideur .... sing ajeug
dina tangtungan !!!!
5.
Gending lagu tari payung ..... ( guruh )
Narasi :
Aya
lengkah .... nu ngembat dina jajalanan hirup .... nu jadi lengkah sajarah
....muka panto jagat ayeuna .... poe ieu poe panineungan anu baris natrat
salamina keur hidep seuweu- siwi kelas 6.
6.
Gending lagu tari mamayang ( Alloh .. ya
Alloh )
Pirigan
lagu : Kulu – kulu 5 – 2 goong
Narator :
sumangga
ka wakil ti kelas 6 dihaturanan ngabujeng ka tempat pamasrahan STTB / SHU.
7.
Gending lagu tari mamayang ngabageakeun
wakil ti kelas 6 ( guruh )
Narasi :
poe ieu lir mumunggang ... nyaangan urang
sakabeh ....dihibaran ku pupuhu nu langkung luhung ..... debekelan ku jimat
salambar layang pangajen mangrupi ciri tina hasil nyuprih elmu.
Narator :
ka
pengersa pucuk winaya guna SD Negeri 2 Rancah dihaturanan kanggo masrahkeun
STTB secara simbolik ka 2 urang wakil ti kelas 6.
(
kat : prosesi masrahkeun STTB .... )
Tembang pupuh wirangrong ( .... 2 urang wakil
deku )
Narasi ( kelas 6 ) :
poe
ieu lir tetengger.... mangsa urang ngumbar tineung ..... mangsa urang muka
eunteung .....mangsa urang maca lampah .....nyoreang mangsa 6 taun ka tukang
!!! moal hilap ... moal lali ....waktos guyon gogonjakan ...... ulin heureuy
silih kaleng .... silih eledan jeung babaturan .... sakapeung silih poyokan.
Kitu reujeung babaturan!! Di kelas sok rajeun ribut .... pami guru hente aya
.... hapunten bapa ....!!!! hapunten ibu ..... tina sugri kalepatan abdi-abdi
sadaya .... rumaos seueuer lengkah nu pasolengkrah ..... rumaos seueur
caliweura ..... rumaos tara di ajar .... malaweung nandasadeungeun .... sok
sieun kabodoan nu dipibanda.
Wilujeng
kantun sarakan endah ....!!!
Wilujeng
kantun bapa ... ibu guru .... !!
Wilujeng
kantun SD Negeri 2 Rancah nu matak betah ..... !!!!
Narasi ( Kepsek ):
Anaking kasep geulis .... seuweu – siwi kelas
6 kanyaah bapa ... ibu guru di dieu .... jung geura lumaku mitembeyan lempang
lempeng ..... wiwitan milampah bener ..... jalan pikahareupeun beuki tarahal
.... bral geura miang .... isuk jaganing pageto pinarengan kabiruyungan
salalawasna.
Wilujeng
angkat kembang winaya !!....
Wilujeng
bajoang nu leuwih rongkah !! ....
Wilujeng
nyuprih elmu nu langkung luhung !! ....
Sing
inget ka wiwitan !!.... ulah hilap ka SD Negeri 2 Rancah !!! mugia .... !!!!
8.
Gending lagu pangwilujeng ka kelas 6
dina prosesi masrahkeun kelas 6 ka ibu ramana ti pihak sakola.
Narasi :
gupay kembang winaya kelas 6 SDN 2 Rancah
rengse !!!! caraka seja reureuh heula.
9.
Gending lagu panutup.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar